Leungeun Saha ?

Lampu nu tingkariceup, nyumputkeun hegak na belegbegna poek. Eta leungeun ? leungeun saha, nu roronjang rek ngaranggeum beungeut nu anteng uyan-ayun na ramat lancah poe.” Tong ieuh pirajeunan, nanyakeun hanyir ka getih ? “ ceuk manehna jejebris. Salambar kalakay murag , nutup lawang kanyaah nu meh-mehan bedah !. Dina urat-uratna nyangkrung cipanon kuring, nu hamo garing !